Nuturkeun indung suku….

Tentang

Blog ieu mangrupikeun kempelan kotretan blog sim kuring anu aya di http://canmasagi.wordpress.com. Kawitna blog anu di maksad teh kangge nyerat sagala rupi, namung karaos langsung sae upami di pisah ti Can Masagi anu bade di hususkeun kangge blog ngeunaan Fedora (distro Linux) sareng catetan-catetan sabudeur ngangge komputer salaku “newbie”.

Lajeng kategori Sunda di Can Masagi dikempelkeun didieu kangge kaperyogian pribados atanapi kangge iseng di aos ku balarea. Ieu mah teu langkung ti upaya pribados ka na Budaya Sunda sareng Budaya Masyarakat Islam di tanah Sunda. Pribados sadar ieu teh tebih pisan tina sampurna, nanging ku saha deui atuh ngamumule Kasundaan teh upami sanes urang-urang keneh. Sapertos namina nuturken indung suku salami mapay-mapay diajar deui Bahasa Sunda sareng Budaya Sunda. Tujuanana jelas pangintennya?

Comments on: "Tentang" (3)

  1. Leres..urang Sunda teh sok hilap kana jatidirina. Seueur nu ngaraos kagok lamun kudu nyarios atanapi nyerat ku Basa Sunda.

  2. Sampurasun…, leres sim kuring oge kadang sok heurin ku letah ari bade nyerat basa sunda teh…., tapi kedah dimimitian, lamun sanes urang, nya saha deui…

  3. Sapamadegan atuh sim kuring oge. da kaleresan sim kuring oge dibabarkeun di tatar sunda, janten wae kedah ngartos kana basa sareng budayana….

Tinggalkan Balasan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.