Posts filed under 'Kotretan'

Waktos anu tara kantos karaos

Geuning teu karaos waktos teh nelerek gancang pisan. Asa taun kamari mosting artikel nu pang mimitina ayeuna geus sataun rek tepung deu jeung Romadhon.

Add comment Agustus 28, 2008

Panyakit jeung Kabiasaan

Geus sababaraha poe ieu kuring haben nagen di hareupeun Komputer ukur ngahuleng jeung leuwih loba ulin di internet batan soson-soson digawe. Nyoo blog jeung forum we, cul pagawean. Karasana teu boga anu bisa dipigawe padahal mah loba. Ti saprak nambru saminggu alatan gering! Ieu uteuk teh jiga balon wungkul eusina, nulis teu bisa, mikir hoream, dipake ngajentul ge kalahka teu ngeunah.

Teuing panyakit, teung kabiasaan, atawa loba teuing kahayang tapi teu bisa nyaho ti mana kudu mimitina. Teuing ah poek!

Add comment Juli 29, 2008

Kudu kumaha?

Geus sababaraha minggu ka tukang, awak teh karasa teu sehat. Malah saminggu kamari mah cacap di imah teu bisa ka kantor-kantor acan. Awak gareuneuk ceunah ceuk dokter anu maluruh mah katerap infeksi virus, tapi ceuk Boss mah alergi ubar. Teuing anu mana, ngan qobla eta teh kuring kungsi ngadahar kapsul Habbastusauda meuang meuli ti sobat. Asup ka poe kemis malah leuwih parna, ramo, siku, tuur, keuneung teh karasa nyareri jeung kulit teh meni peureus karasana.

Opat kali ka dokter, bet awet ieu panyakit teh, tikoro angger nyeri, jeung karasana teh reuhak numpuk di na irung jeung tikoro hese kaluar jeung dikaluarkeun. Dahar ubar geus bosen. Na kudu kumaha deui atuh? Balukarna kanu nanaon teh jadi hoream, laleuleus euweuh ide jeung sumanget.

Naon balukarna? Can kanyahoan, pasti na ma diri sorangan rada tambelar kana kabutuhan awak. Atawa sagalwayah dina ngadahar ubar.

Add comment Juli 25, 2008

Geus di tetepkeun!!!

Nitenan kaayaan saanggeus PilKaDa kamari kuring ngarasa reueus kana hasil na jenug ka pamadengan Mang Dany salaku pamingpin Jawa Barat. Ieu tah conto na pamingpin sajati!!! Ku Kang Setia Permana saparakanca di KPUD JaBar geus di bewarakeun yen anu mutlak meunangkeun Pamilihan ieu teh nyaeta Mang Ahmad Heryawan jeung Mang Dede Yusuf. Tetela rahayat Jawa Barat teh geus asak pamikiranana di jaman kiwari teh! Jadi meureun kitu anu dipake ukuran teh lain harisma partey jeung tokoh na anu jumeneg di dinya. Ayeuna mah leuwih miheulakeun “konsep” jeung anu jadi dumasar “perjuangan” eta partey.

Buktina ngaran Mang Agum teu cukup ampuh dipake keur ngabibita rahayat Jawa Barat. Hanjakan jeung hanjakal Mang Agum mah sikepna kawas tacan perenah jadi tokoh orah raga, lila di KONI teh euweuh tapakna. Lain ari olahragawan mah kudu seportif sanes? Komo ieu inohongna. Mangelabarkeun uing mah ka Mang Agum jeung partey pendukungna saparakanca. Kamari teh dina jargon kampanye na teh Demi Jawa Barat sanes? Naha atuh ayeuna mah jadi demi kepentingan sakuliwek partey jeung pribados? Ari baheula mawa jargon Demi jawa Barat mah tong ngahambat pangwangunan Jawa Barat anu geus rek di setapetkeun ku Mang Dany ka Mang Ahmad yeuh! Ari keukeuh deuk ngaramekeun nepi ka MA mah jadina ngahambat Rahayat Jawa Barat anu hayang ngabuktikeun jeung ngarasakeun “perubahan”.

Add comment April 24, 2008

Mun keur euweuh karasa pisan….

Tetela karasa pisan geuning! Mun geus euweuh teh karasa pisan. Sabot keur aya mah bororaah karasa eta sagala kasalahan jeung dosa teh. Beu!

Kamari ngahaja ka imah si Bapa jeung Ema, sabada jajap safar ka Tanah Suci. Bral dianteurkeun ku sadulur-dulur, adi-adi, anak pamajukan jeung mitoha. Biasana mah mun kolot deuk indit kamana oge tara nepi ka rambay cipanon. Teu era ku budak anu padu colohok we ningali Bapana jeung nini akina careurik teh! Biasa na ge mun sungkeman lebaran tara deuih nepi ka ceurik rambay cipanon.

Cacakan deuk ditinggalkeun ziarah ka Mekah, anu masih keneh sadimensi jeung urang-urang ayeuna, karasa pisan sedihna! Ari jelema mah teu leupas tina inggis we… inggis kitu kieu. Keur urang ngora keneh meureun kieu rasana anu dialaman ku kolot teh mun budak teu balik mangpoe-poe. Sasat na mah tiap jam indung bapa teh diteleponan, geus kumaha, keur naon? Iraha berangkat?

Jauh ti anggangga si Bapa geus talatah ka kuring. Kudu keiu kudu kitu, konci imah ge dikawasakeun ka kuring, adi-adi mah henteu dibere kawasa keur ka imah teh. Da barinage maranehananna mah nagrilu ka salakina sewang-sewangan. Anu matak sedih mah nya eta pesen si bapa ceunah lamun aya nanaon anu teu kaduga ku salarea, kaayaan anu dalurat pisan, intina mah lamun kolot balik na ka Sisieun Alloh anu Maha Kawasa, prak geura pedar jeung baca wasiat anu aya di laci ieu! Ah! Ceuk jero hate teh teu hayang maca-maca acan! Anu penting mah karumpul deui di imah si Bapa sabada jiarah ti Mekah teh!

Heuleut sapoe ti harita pas kolot geus di Bandara deuk indit naek kapal udara, beurang na teh ngahaja ka imah si Bapa, ngontrol maksudteh. Bus asup ka kamar anu baheula ku kuring ditempatan da can robah-robah acan eta kamar teh, ngan komputer batur satia kuring we anu euweuh teh dan geus pindah ka imah sorangan. Ras inget ka jaman baheula pas ngora, bray sakabeh kalakuan anu goreng, anu matak nguciwakeun kolot! Rumasa lamun di titah ku si Ema teh sok ngarahuh! Beda “opini” jeung si bapa nepi ka mawa karep sorangan anu antukna mah jadi nyusahkeun awak sorangan jeung kolot. Ngadak-ngadak meja belajar teh ngomong, ngadak-ngadak si lomari teh balaka, baheula sok “uniko” alias usaha nipu kolot keur jaman kuliah! Teu pira pedah hayang ngilu kemping, jeung senang-senang we jeung barudak kampus mun sabada ujian negara beres. Silaing teh loba dosa baheula! Loba nguciwakeun kolot! Imah teh karasa tiiseun, sepi euweuh si Bapa jeung Si Ema. Cacakan misah nagara, loba dongeng ngeunaan jiarah ka Mekah teh, ras inget kajadian “tragedi Mina” sababaraha taun ka tukang. Inggis we inggis, ngarasa loba dosa ka kolot jeung asa can sampurna ieu teh menta hampura ka si Bapa jeung Si Ema. Lila-lila panon asa baseuh, cipanon teh deuk bahe… tikoro asa nyogok pinuh ku rumasa… Hampura Bapa, hampura Ema… geuning…. lamnn jauh mah karasa Kanyaah teh ngan asa teu bisa ngahontal da fisik jauh pisan mang ratus-ratus kilometer. Najan geus buntutan 2, masih keneh hayang nampaan kocoran kadeudeuh ti kolot teh!

Ceuk papatah bule mah sagalana jadi “berharga” lamun geus euweuh! Kitu meureun tarjamahan Sunda na. Ceuk kolot bahuela kieu, ditinggal ziarah ka Mekah teh, ibarat ditinggalkeun maot. Mitos ieu teh meni karasa kentel pisan cigana di tradisi mulsim sunda mah.

Add comment Desember 6, 2007

Munggah Haji….

 

Baheula keur jaman karek asup SD, ku guru ngaji diwurukan Rukun Islam, anu salah sahijina “Lima.. Munggah haji ka Baetulloh keur nu kawasa di jalanna”. Keur Muslim mah indit ka Mekah keur ibadah haji jadi cita-cita anu paling gede. Tiap taun anu rek ziarah ka Mekah pikeun Ibadah Haji teh ti Nagara urang mah beuki nambahan. Cacakan dina kahirupan sapopoe katingali biasa-biasa wae, benughar henteu, pakir ge henteu. Tah anu ngaranna masarakat tradisional jiga urang Sunda, mangsa-mangsa jiga Munggah haji teh jadi salah sahiji kaayaan anu istimewa.

Masarakat teh meni atoh jeung reueus lamun aya tatangga na, dulur atawa kulawarga na anu bisa jeun kawasa pikeun ngajalankeun ibadah ieu teh. Si calon haji teh mani dibageakeun, didu’akeun, dibekelan sarta dianteur ku sabonoroyot warga masarakat. Anu erek ibadah haji na mah ngan saurang atawa dua urang atawa hiji kulawarga, tapi kacida lobana anu erek ngateur ka tempat “embarkasi haji” teh. Ti mimiti orok, budak, budak kamari sore (ABG he.. he..), nepi ka nini nini jeung aki-aki ngilu ngaramekeun nganteru calon haji ieu. Samemehna anu boga kuriak duk naek haji teh ngayakeun syukuran di imah na, ari syukuran keur masarakat tradisonal mah ‘identik’ jeung dahar! Da…. ceramah jeung “ramah-tamah” na mah batan jadi bungbu we… lain poko acara! Anu penting mah acara dahar na, parasmanana.. hi… hi… Hiji deui pikeun masarakat anu hadir dieta hajatan teh, naritip dipangdu’a keun di tanah suci pikeun kamajuan sewang-sewangan, aya anu menta digampangkeun jodo, lancar usaha, hayang pinter jeung sajabana,loba tah anu naritip dipangdu’akeun teh!

Ciga na mah hiji-hiji na “momen” anu bisa ngelehkeun tradisi mudik lebaran teh nya nganteur calon haji anu erek indit ka mekah tea. Enyaan pisan ibadah haji mah keur anu kawasa di jalanna teh, sok we urang ilikan hiji-hiji, biaya ONH na, biaya keur salila manasik, biaya keur “oleh-oleh” keur dulur salembur, najan meulina di Cigondewah atawa di Pasar Baru he.. he…, waragad keur hajat syukur deuk naek haji,jeung teu kaliwat waragad keur ngayakeun pasilitas transpor keur anu deuk nganteurkeun… acan enge balikna pada marenta cai zam-zam. Wah pohara pisan! Najan mangrupakeun salah sahiji Rukun Islam, loba pisan ibadah sosial tina Ibadah Haji teh!

Bral geura miang Apa, Ambu sing salamet di perjalanan, sing salamet jeung sehat wal afiat salami di ditu, sing salamet mulih na deui,kempel deui ngabagi carios sareng pangalaman salami di Mekah. Ku sim kuring dirojong ku du’a anu euweuh akhirna.

Add comment November 16, 2007

Aheng!!!

Kiwari Urang Sunda anu ngomong jeung ngarti Basa Sunda bisa diitung ku ramo. Loba barudak pituin Sunda teu bisa Basa Sunda. Biasana maranehannanna leuwih resep make basa Batawi anu teu puguh alang ujurna. Disebut basa Batawi ge da lain deuih! Bahasa gaul ceunah! gaul tapi teu gaul jeung Sunda!

Teu saeutik oge kolot ngajarkeun ngomong ka barudak teu make basa Sunda malah leuwih loba anu make basa Malayu (Bahasa Indonesia). Aheng! jeung aneh atu da!

kumatak kitu kuring mah ngajarkeun ngomong ka budak teh Basa Sunda heula, da kaasup “Bahasa Ibu“. Pamadegan kuring mah najan Bahasa Indonesia teh Bahasa Nasional tapi leuwih luyu disebut bahasa sekunder lain Bahasa Ibu. Najan penting diajarkeun tapi leuwih penting ngajarkeun Basa Sunda ka budak ti mimiti. Bahasa indonesia mah bakal diajarkeun di sakola. Najan kitu ge Bahasa Indonesia anu dipake ka budak teh teu EYD deuih… ancur, Bahasa Indonesia lain, Basa Sunda teu asup. jadi naon tah?

1 comment Oktober 11, 2007

Silih Anteuran…..

Nineung ka waktu baheula matak wararaas. Jaman baheula kira-rika tilupuluh taun katukang karasa pisan silaturahmi di kampung teh. leuwih karasa lamun erek ngamimitian shaum di bulan Romadhon jeung nincak sababraha poe erek boboran shiam alias Lebaran. Harita mah geus biasa lamun silih anteuran rantang ka tatanga-tatangga anu deukeut jeung dulur. eusi eta rantang biasana mah kadaharan hajatan, mimiti ti sambel goreng kentang anu make peuteuy, angeun bihun, goreng hayam atawa hayam sewir jeung sajabana.

Di pawon, si ema, nini jeung bibi saribuk kaprak-keprek masak. harita teh kuring masih can sakola SD-SD acan oge ngilu sibuk ngarewong nyoo bumbu jeung bahan pasakeun. Indung nyarek jeung ngomel ge da teu didenge. Harita kuring jeung adi asa jadi jalma pang bagjana bisa ngoprek jenung ngarewong di pawon anu sakitu sibukna. Komo mun geus nyoo kalapa anu erek diperes mah keur nyieun cipati.

Anu paling resep mah ngilu nganteur rantah nguliring kampung jeung si mamang bari mamawa rantang. Di leungeun si mamang geus aya daptar kirimeun, ka imah Mang Jamil, Abah Usa, imahna si Oo jeung sajaba na. Teu saeutik imah anu dikiriman rantang teh sarua keur sibuk oge nyieun pasakeun keur anteuran oge… da bali deui ka imah teh rantang teh pinuh deui ku pasakan anu ampir sarua menu na. Ngan anu ngabedakeun mah pasakan si ema jeung si nini mah leuwih seungit! Teu ngabedakeun anu boga jeung anu dhuafa kabeh ge dikirim. Ciga na mah harita keur kaum dhuafa di kampung mah moal pati hariwang nyanghareupan shaum jeung lebaran teh da aya tradisi anteuran rantang tea.

Jaman kiwari mah asa jarang, malah euweuh meureun tradisi jiga jieu teh. Nu matak rasa silaturahmi oge teu sadeukeut jaman harita. Kaum dhuafa jaman kiwari mah jadi leuwih buringas lamun keur ngantri bagean zakat. Teu ningali kolot atawa nu geus rempo, sikat we asal manehna meunang. Nincak jeung nyikut batur teh asa biasa we, nu penting mah urusan pribadi na beres.

Dina urusan masak oge jaman baheula mah ngariung, rame pisa di pawon teh bari gawe bari ngobrol kaditu kadieu, aya anu khususon nyiksikan sayur, aya anu khususon masak, ngarendos bumbu, marud kalapa, jeung meres cipatina. Jaman kiwari mah ngandelkeun mesin keur ngerureut jeung keur ngancurkeun jeung nyampur bungbu teh. Cipati kari meuli. Malah aya anu siap masak sagala!

Silih anteuran kiwari geus hese mangihanana. Sanajan teu ngurangan arti silaturahmi ngan karasa pisa bedana!

Add comment Oktober 10, 2007

Wilujeng Buka Puasa…..

Baheula pas jaman can aya TV swasta, ngan aya TVRI hungkul dongeng radio Sunda mangrupakeun acara anu paling ditungguan. Radio na oge can aya radio FM anu harus jeung ngagencring sorana. Harita ngan aya AM jeung SW. Speakerna ngan hiji, masih loba harita nyetel radiona make batere anu badag dan can loba anu bisa masang listrik! Bisa diitung anu boga TV jeung radio anu rada meueusan teh!

Harita stasion radio oge can loba. Bisa di itung ku ramo. Mun teu salah teh di Bandung di taun 1980-an aya Radio Garuda, Radio Estrelita, Radio Paramuda, Radio Lidya Wave Salon he.. he.., Ganesha, jeung radio Volvo anu sok nyiarkeun dongeng Sunda teh. Carina na oge loba, aya anu horror atawa sabangsaning jungjurigan, dongeng silat tawa dongeng anu sarupa jeung sinetron jaman kiwari, aya deui anu rada alus nyaeta bobodoran si Lamsijan di Radio Paramuda, Si Kunang di Radio Garuda.

Tah lamun pas bulan puasa acara dongeng radio Sunda ieu teh jadi hiji-hijina acara keur ngabuburit! Komo lamun pas acara dongeng anu deukeutka bedug maghrib. Masing inget harita penyiarna teh mang Rahmat Dipraja anu sora awewe na mani halimpu. Poho deui stasion radiona naon. Ari ker budak mah, harita teh keru kelas 4 SD, lain dongengnga anu pentingmah tapi itungan mundur Mang Rahmat keur ngongna adzan maghrib. Ti mimiti prung acara dongeng sagalaning kadaharan keur tajil geus ngarumpul. Aya candil, putu mayang, bubur pacar cai amis geus puguh we cai asak herang mah.

Harita amun meujeuhna tajil teh sok ngariung di taeun si nini ngadengekeun dongeng sunda. Tah anu paling asik lamun Mang Rahmat geus ngitung ka na waktu na adzan… Hiji…. Dua… Dua saparapat…. dua satengah….. dua tilu parapat… tapi naha kanu tilu teh bet lila….. tilu… Wilijeng buka puasa…. Ngong we adzan manghrib… Borora’ah inget ka na do’a buka puasa… leguk we nginum….

Add comment Oktober 8, 2007

Kurupuk Ojay

Naon etateh? Rada aheng! Aya kurupuk ngojay?! Di wewengkon Cijerah Bandung mun pas di bulan Romadon aya kadaharan anu ngarana kurupok ojay. Biasana didaharna teh saenggeus adzan maghrib pas buka puasa.

Dahareun ieu mangrupa kurupuk kemplang anu kayas dibanjur ku sambel oncom encer anuh gurih. Kaliwat loba sambel oncomna nepi ka si kurupuk teh ngojay. Tah mun geus liwat Romadhon mah euweuh ieu kadaharan teh!

Ngeunaan Kurupok Ojay tiasa diaos oge di palih dieu:

http://www.kompas.com/ver1/Lebaran/0709/25/074538.htm

Oge di palih dieu:

http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/1004/24/0107.htm 

Add comment Oktober 2, 2007


Calendar

November 2009
S S R K J S M
« Des    
 1
2345678
9101112131415
16171819202122
23242526272829
30  

Posts by Month

Posts by Category