Nuturkeun indung suku….

Teu make… atawa teu boga?

motor teu boga etika di jalan raya

Foto dicutat ti www.maludong.com

Ampir unggal edisi di Tribun Jabar sok remen ngabewarakeun kacilakaan sapedah motor. Duka teuing kunaon tah panyababna kajadian-kajadian kacilakaan motor teh ciga euweuh nu kapok. Cikeneh maca anu remuk sirahna ka giles ban treuk atawa beus, isukanana aya deui  bewara anu sarupa. teuing kunaon atuh ciga anu teu pangaruh weh eta kajadian anu dicitak di koran teh, teung dibaca teunig direret wungkul.

Coba weh titenan mun di jalan, boh keur naek angkot atawa nyupiran mobil sorangan. Nu ngaranna nu naek motor sok sangeunahna make jalan. Geus nyaho jalan teh geus katutup ku kandaraan sejenna atawa jarak geus teu cukup, suruduk weh maksa. Tuluy deuih sok aya anu ciga deuk nyusul mobil tapi kalahka anteng weh maju lalaunan jiga teu niat nyusul atawa sakadar ngateur nyawa ka alam baka. Padahal di beulah kenca na aya mobil nu maju sa arah jeun manenha, di beulah katuhu aya beus atawa treuk nu nyeledut ngalawan arah manehna. Sok mangpaurkeun kuring mah mun ningali nu naek motor maju nuturkeun treuk mepet jarakna jeun bak treuk di bareupeunana, mun ditingali teh jarak hulu (punten rada garihal hehe) nu ditutpoan ku helem teh jarakna ngan sadepa jeung bak treuk eta. Mangkaning teu laun eta teh. Mun seug mah si treuk teh nga-rem ngadadak… wassalam weh atuh. Mangkaning rem treuk tea pakem pisan da make rem angin.

Aya deui kalakuan nu naek motor, komo mun keur ngaliwat di Ranca Ekek mah… maju sangeunahna bujur nyengcle dina sadel motor ngawalan arah. Salian ti eta mun keur macet, naha geus jadi galib kitu nya keur nu naek motor mah, mun macet teh make jalan batur nu lain jalur maneh na… atuh puguh teu deuk macet kumaha, teu diberean jalan kalahkah molotot kanu boga jatah jalan, nepi maenya kudu nyisi mah!

Nu leuwih alus mah mun rek ka Cimahi ngaliwat pas lebah Cimindi atawa Cibeureum, eta nu naraek motor… nu deuk ka Cimahi aya di jalur nu deuk ka Bandung, nu deuk ka Bandung aya di na jalur nu keur ka Cimahi… nyeledut jiga nu sieun kaborosotan miceun di jalan. Nu ciga kieu teh sok bisa dipanggihan di palebah panto kareta api, komo di daerah Halteu Andir mah, sarua tah kitu, ngan bedana nu di Cibeureum Cimindi mah maraju tarik… di palebah halteu mah areureun nungguan kareta api ngaliwat. Lain hiji dua eta teh, loba pisan minuhan rubakna jalan jeung manjang pisan ka tukang nepi ka pengkolan komplek GSG TNI AU. Kitu deui nu palebah hareupun mobil kuring di peuntaseun panto kareta api teh motor ngajajar nepi ka tukang, persis nu deuk perang di jaman baheuna. Mun bray weh panto kareta api teh muka… burudul parebut jalan… macet tah antuk na mah!

Nu lucu mah kuring pernah nyakseni, nu keur naek motor pakepuk silih babuk deukeut jembatan tol Holis, teuing kunaon. Nu hiji nu ti arah Bojong riweuh ngababukan nu naek motor nu datang ti arah Holis nu teu eleh riweuh na nangkis jeung deuk ngabales. Atuh nepi jadi lalajoanan nepi ka macet na. Pas lebah pengkolan ka sumber sari kuring jeung pamajikan meuruen jeung nu lianna nu nyaksian kajadian harita, ningali budak pantar SMA (teuing geng motor teuing naon lah) ker dikepruk, ditajongan ku sasama nu naek motor pedah nyalip mantena sangeunahna bujur eta budak. Duanana teu walakaya ngan narima bogem atah ti bapa-bapa nu katingalina pake saragam berwajib (nu jelas mah lain pulisi). Jelas keuheul tah si bapa eta, da jelas barudak eta teh kawas na mah tinggaleun otak na teuing di mana, nu nyababkeun ampir cilakana si bapa eta.

Rata-rata oknum nu naraek motor teh lolobana kurang tanggung jawabna mun maranehananna bener-bener ngarasa salah, sok mabur… kabur. Terus teuing kumaha lamun loba jumlah na… sok ngaraja di jalan komo rombongan konvoi mah tara ngahargaan batur, kudu nyisi weh kabeh! Lur! Dulur… jalan teh milik umum, tong sangeunahna make jalan da sarua batur ge butuh jalan jeung waktu lain maneh wungkul! Mun cilaka atawa nyilakakeun batur nu ripuh teh loba euy! Teuing otak na di mana… harita… (ngadongeng deui yeuh) keur basa deuk indit ka kantor… kabeneran harita teh naek angkot, di lebah sisi teh aya ibu-ibu nyuruntul deuk meuntas, kabeneran deuih si supir angkot nu ieu mah bageur…. reg weh eureun merean jalan ka si ibu nu bangun rusuh deuk meuntas… kuring jeung sababaraha huju panumpang teh ningali motor di belah katuhu kalah ka ngagilek teu milu eureun tuluy ‘tancap gas’ jiga nu keuheul…. jedak weh… gubrag manenhanana labuh…. mengpar ka jalan, si ibu ngagoler di aspal bari tatu getihan. Burudul weh Mamang beca nu disisi jalan teh ngaburudul nulungan si ibu jeung sabagian ngajewang nu naek motor te sirikna erek dibabukan. Naha kitu nya maneh na nu deuk dibabukan ku Mamang Beca teh teu make otak, mun mobil eureun di jalan teh pasti di hareupeunana aya nu ngahalangan matak kagok atawa mun terus maju matak ngabahayakeun juga nu rek meuntas jalan tea. Balukarna.. si Ibu tatu getihan kudu ka klinik mah, maenhna inggis dihapuk ku jelema nu keuheul, batur kahambat waktu da jalan jadi macet.

Nu matak jadi heran teh, nya eta… naha kitu nya… ku laku-lampah nu ciga diluhur teh teu sadar laku lampah sangeunahna make motor tur teu make etika teh bakal ngabahayakeun diri jeung batur. Teu sieun kitu tah jadi bahan berita kacilakaan di koran? Teung ah! Persis setiker nu sok kabaca di spatbor motor… “Motor aing kumaha aing” heu euh… seug weh   kumaha sia da nu modar ge sia… (punten ah garihal sakedik). Cag ah!

Tinggalkan Balasan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.