Archive for Desember 6th, 2007
Mun keur euweuh karasa pisan….
Tetela karasa pisan geuning! Mun geus euweuh teh karasa pisan. Sabot keur aya mah bororaah karasa eta sagala kasalahan jeung dosa teh. Beu!
Kamari ngahaja ka imah si Bapa jeung Ema, sabada jajap safar ka Tanah Suci. Bral dianteurkeun ku sadulur-dulur, adi-adi, anak pamajukan jeung mitoha. Biasana mah mun kolot deuk indit kamana oge tara nepi ka rambay cipanon. Teu era ku budak anu padu colohok we ningali Bapana jeung nini akina careurik teh! Biasa na ge mun sungkeman lebaran tara deuih nepi ka ceurik rambay cipanon.
Cacakan deuk ditinggalkeun ziarah ka Mekah, anu masih keneh sadimensi jeung urang-urang ayeuna, karasa pisan sedihna! Ari jelema mah teu leupas tina inggis we… inggis kitu kieu. Keur urang ngora keneh meureun kieu rasana anu dialaman ku kolot teh mun budak teu balik mangpoe-poe. Sasat na mah tiap jam indung bapa teh diteleponan, geus kumaha, keur naon? Iraha berangkat?
Jauh ti anggangga si Bapa geus talatah ka kuring. Kudu keiu kudu kitu, konci imah ge dikawasakeun ka kuring, adi-adi mah henteu dibere kawasa keur ka imah teh. Da barinage maranehananna mah nagrilu ka salakina sewang-sewangan. Anu matak sedih mah nya eta pesen si bapa ceunah lamun aya nanaon anu teu kaduga ku salarea, kaayaan anu dalurat pisan, intina mah lamun kolot balik na ka Sisieun Alloh anu Maha Kawasa, prak geura pedar jeung baca wasiat anu aya di laci ieu! Ah! Ceuk jero hate teh teu hayang maca-maca acan! Anu penting mah karumpul deui di imah si Bapa sabada jiarah ti Mekah teh!
Heuleut sapoe ti harita pas kolot geus di Bandara deuk indit naek kapal udara, beurang na teh ngahaja ka imah si Bapa, ngontrol maksudteh. Bus asup ka kamar anu baheula ku kuring ditempatan da can robah-robah acan eta kamar teh, ngan komputer batur satia kuring we anu euweuh teh dan geus pindah ka imah sorangan. Ras inget ka jaman baheula pas ngora, bray sakabeh kalakuan anu goreng, anu matak nguciwakeun kolot! Rumasa lamun di titah ku si Ema teh sok ngarahuh! Beda “opini” jeung si bapa nepi ka mawa karep sorangan anu antukna mah jadi nyusahkeun awak sorangan jeung kolot. Ngadak-ngadak meja belajar teh ngomong, ngadak-ngadak si lomari teh balaka, baheula sok “uniko” alias usaha nipu kolot keur jaman kuliah! Teu pira pedah hayang ngilu kemping, jeung senang-senang we jeung barudak kampus mun sabada ujian negara beres. Silaing teh loba dosa baheula! Loba nguciwakeun kolot! Imah teh karasa tiiseun, sepi euweuh si Bapa jeung Si Ema. Cacakan misah nagara, loba dongeng ngeunaan jiarah ka Mekah teh, ras inget kajadian “tragedi Mina” sababaraha taun ka tukang. Inggis we inggis, ngarasa loba dosa ka kolot jeung asa can sampurna ieu teh menta hampura ka si Bapa jeung Si Ema. Lila-lila panon asa baseuh, cipanon teh deuk bahe… tikoro asa nyogok pinuh ku rumasa… Hampura Bapa, hampura Ema… geuning…. lamnn jauh mah karasa Kanyaah teh ngan asa teu bisa ngahontal da fisik jauh pisan mang ratus-ratus kilometer. Najan geus buntutan 2, masih keneh hayang nampaan kocoran kadeudeuh ti kolot teh!
Ceuk papatah bule mah sagalana jadi “berharga” lamun geus euweuh! Kitu meureun tarjamahan Sunda na. Ceuk kolot bahuela kieu, ditinggal ziarah ka Mekah teh, ibarat ditinggalkeun maot. Mitos ieu teh meni karasa kentel pisan cigana di tradisi mulsim sunda mah.
Add comment Desember 6, 2007