WordPress versi Basa Sunda? Hade atuh!

Kade sanes Hade anu tos janten inohong di Jawa Barat. Teu ngawakilan salah sahijina. Hade didieu mah nya eta WordPress geus aya di na versi Basa Sunda. Versi sanes persi! Ceuk saha Urang Sunda teu bisa nyebat huruf F jeung P jeung teu bisa ngabedakeun mana P, F, jeung V… tong kitu ah! Geus lila sim kuring teh hayang nulis blog make Basa Sunda, itung-itung menerkeun deui undak usuk basa, da rumasa boga budak, rumasa kudu ngajarkeun budak Basa Sunda sa acan ngajarkeun Bahasa Indonesia jeung Bahasa anu sejenna.

Ku ayana WordPress versi Sunda jadi nambah sumanget pikeun leuwih soson-sosn diajar deui make Basa Sunda anu alus jeung bener luyu kana Undak Usuk Basana. Teu acan terang WordPress versi Sunda? Mangga ameng ka http://su.wordpress.org kangge ngundeur ieu aplikasi. Atanapi hoyong langsung nyerat Basa SUnda da hoream nginstal mangga daptar sareng log-in ka http://su.wordpress.com

Add comment Desember 24, 2008

Waktos anu tara kantos karaos

Geuning teu karaos waktos teh nelerek gancang pisan. Asa taun kamari mosting artikel nu pang mimitina ayeuna geus sataun rek tepung deu jeung Romadhon.

Add comment Agustus 28, 2008

Panyakit jeung Kabiasaan

Geus sababaraha poe ieu kuring haben nagen di hareupeun Komputer ukur ngahuleng jeung leuwih loba ulin di internet batan soson-soson digawe. Nyoo blog jeung forum we, cul pagawean. Karasana teu boga anu bisa dipigawe padahal mah loba. Ti saprak nambru saminggu alatan gering! Ieu uteuk teh jiga balon wungkul eusina, nulis teu bisa, mikir hoream, dipake ngajentul ge kalahka teu ngeunah.

Teuing panyakit, teung kabiasaan, atawa loba teuing kahayang tapi teu bisa nyaho ti mana kudu mimitina. Teuing ah poek!

Add comment Juli 29, 2008

Kudu kumaha?

Geus sababaraha minggu ka tukang, awak teh karasa teu sehat. Malah saminggu kamari mah cacap di imah teu bisa ka kantor-kantor acan. Awak gareuneuk ceunah ceuk dokter anu maluruh mah katerap infeksi virus, tapi ceuk Boss mah alergi ubar. Teuing anu mana, ngan qobla eta teh kuring kungsi ngadahar kapsul Habbastusauda meuang meuli ti sobat. Asup ka poe kemis malah leuwih parna, ramo, siku, tuur, keuneung teh karasa nyareri jeung kulit teh meni peureus karasana.

Opat kali ka dokter, bet awet ieu panyakit teh, tikoro angger nyeri, jeung karasana teh reuhak numpuk di na irung jeung tikoro hese kaluar jeung dikaluarkeun. Dahar ubar geus bosen. Na kudu kumaha deui atuh? Balukarna kanu nanaon teh jadi hoream, laleuleus euweuh ide jeung sumanget.

Naon balukarna? Can kanyahoan, pasti na ma diri sorangan rada tambelar kana kabutuhan awak. Atawa sagalwayah dina ngadahar ubar.

Add comment Juli 25, 2008

Geus di tetepkeun!!!

Nitenan kaayaan saanggeus PilKaDa kamari kuring ngarasa reueus kana hasil na jenug ka pamadengan Mang Dany salaku pamingpin Jawa Barat. Ieu tah conto na pamingpin sajati!!! Ku Kang Setia Permana saparakanca di KPUD JaBar geus di bewarakeun yen anu mutlak meunangkeun Pamilihan ieu teh nyaeta Mang Ahmad Heryawan jeung Mang Dede Yusuf. Tetela rahayat Jawa Barat teh geus asak pamikiranana di jaman kiwari teh! Jadi meureun kitu anu dipake ukuran teh lain harisma partey jeung tokoh na anu jumeneg di dinya. Ayeuna mah leuwih miheulakeun “konsep” jeung anu jadi dumasar “perjuangan” eta partey.

Buktina ngaran Mang Agum teu cukup ampuh dipake keur ngabibita rahayat Jawa Barat. Hanjakan jeung hanjakal Mang Agum mah sikepna kawas tacan perenah jadi tokoh orah raga, lila di KONI teh euweuh tapakna. Lain ari olahragawan mah kudu seportif sanes? Komo ieu inohongna. Mangelabarkeun uing mah ka Mang Agum jeung partey pendukungna saparakanca. Kamari teh dina jargon kampanye na teh Demi Jawa Barat sanes? Naha atuh ayeuna mah jadi demi kepentingan sakuliwek partey jeung pribados? Ari baheula mawa jargon Demi jawa Barat mah tong ngahambat pangwangunan Jawa Barat anu geus rek di setapetkeun ku Mang Dany ka Mang Ahmad yeuh! Ari keukeuh deuk ngaramekeun nepi ka MA mah jadina ngahambat Rahayat Jawa Barat anu hayang ngabuktikeun jeung ngarasakeun “perubahan”.

Add comment April 24, 2008

Pieces

It’s an old song quite old, but I love the lyrics. I play it on and on and never get bored! It’s in Japanese originally. I do not understand a word untill I get this aweome translation for this song! http://www.geocities.com/reincarnation_file/Lyrics/ark/t011.htm

Pieces
L’arc~en~ciel

Music: tetsu
Words: hyde

Don’t cry, please do not cry with those worthy eyes of yours
Though how much sadness you would have to face,
do accept the truth

As I would always be with you like this
I’m sorry for letting the fog of sadness blind your happy face
But no matter how much you have prayed,
time would still ghastly and fourthly pass by
and never come back again

Ah…the light, which quietly beams, is colored
The past is just like dreaming at night,
it changes all the time and tightly fixed in your eyes

I’ll be with you as you wish
until the new blossoms would bloom again
until you would see the light
shining through leaves above upon those trees

You can look up to see it as long as you like
Because no matter when,
there would be someone holding your hand gently
and being with you by your side always

Just look up to the sky
See?…no matter how long a day and night would pass by,
he would be with you
Having him near you by your side like this
in such warm and lovely season,
how would the feeling be?

Ah…those pieces of my body,
they have enough strength to fly across the great ocean,
too great that they could no longer look back to see what are left behind

Making a pray for the light would keep on shining all day and all night
Because of you, that’s why I could still live my live eternally

Ah…don’t let those memories which are overwhelming in both hands dry away
Because both of us would slowly keep on searching for tomorrow

Those pieces of my body,
they have enough strength to fly across the great ocean,
too great that they could no longer look back to see what are left behind

Add comment Januari 24, 2008

Nunjukkeun keur loba…

Di na milis-milis atawa forum-forum loba anu menta diajarkeun Basa Sunda. Teuing keur naon maksudna teh, cigana ma mun lalaki keur malakiahan calon mitoha sugan bisa mikanyaah matak meni haget menta diajar Basa Sunda. Meureun keur awewe oge sarua katingalina teh. Ti kajadian eta loba kajadian-kajadian anu matak jadi bahan piseurieun teh. Tapi lolobana anu mere ajaran basa Sunda teh kalahka nyilakakeun batan ngabantuan. Lain ngajarkeun anu bener malah ngulinkeun anu erek diajar Basa Sunda teh.

Di handap ieu mangrupakeun catetan sim kuring pribados ngeunaan kecap-kecap (bukan kecap bumbu masak, kecap = kata) anu nunjukkeun loba. Biasana kecap anu nunjukkeun loba teh make tambahan ar.

Conto:

Lamun kecap anu hareupna konsonan, tambahan ar teh cicing tukangeun hurup anu ngamimitian kecapna.

budak jadi barudak
bungah jadi barungah
hudang jadi harudang
hirup jadi haririup

Lamun kecap anu hareupna vokal, tambahan ar teh cicing dihareup kecap anu aselina.

isin jadi arisin

Lamun kecap anu hareupna dimimitian ku hurup l, ar teh jadi al

lapar jadi lalapar
lieur jadi lalieur [Kiwari ma loba jalma pinter geus lalieur!]

Add comment Desember 11, 2007

Mun keur euweuh karasa pisan….

Tetela karasa pisan geuning! Mun geus euweuh teh karasa pisan. Sabot keur aya mah bororaah karasa eta sagala kasalahan jeung dosa teh. Beu!

Kamari ngahaja ka imah si Bapa jeung Ema, sabada jajap safar ka Tanah Suci. Bral dianteurkeun ku sadulur-dulur, adi-adi, anak pamajukan jeung mitoha. Biasana mah mun kolot deuk indit kamana oge tara nepi ka rambay cipanon. Teu era ku budak anu padu colohok we ningali Bapana jeung nini akina careurik teh! Biasa na ge mun sungkeman lebaran tara deuih nepi ka ceurik rambay cipanon.

Cacakan deuk ditinggalkeun ziarah ka Mekah, anu masih keneh sadimensi jeung urang-urang ayeuna, karasa pisan sedihna! Ari jelema mah teu leupas tina inggis we… inggis kitu kieu. Keur urang ngora keneh meureun kieu rasana anu dialaman ku kolot teh mun budak teu balik mangpoe-poe. Sasat na mah tiap jam indung bapa teh diteleponan, geus kumaha, keur naon? Iraha berangkat?

Jauh ti anggangga si Bapa geus talatah ka kuring. Kudu keiu kudu kitu, konci imah ge dikawasakeun ka kuring, adi-adi mah henteu dibere kawasa keur ka imah teh. Da barinage maranehananna mah nagrilu ka salakina sewang-sewangan. Anu matak sedih mah nya eta pesen si bapa ceunah lamun aya nanaon anu teu kaduga ku salarea, kaayaan anu dalurat pisan, intina mah lamun kolot balik na ka Sisieun Alloh anu Maha Kawasa, prak geura pedar jeung baca wasiat anu aya di laci ieu! Ah! Ceuk jero hate teh teu hayang maca-maca acan! Anu penting mah karumpul deui di imah si Bapa sabada jiarah ti Mekah teh!

Heuleut sapoe ti harita pas kolot geus di Bandara deuk indit naek kapal udara, beurang na teh ngahaja ka imah si Bapa, ngontrol maksudteh. Bus asup ka kamar anu baheula ku kuring ditempatan da can robah-robah acan eta kamar teh, ngan komputer batur satia kuring we anu euweuh teh dan geus pindah ka imah sorangan. Ras inget ka jaman baheula pas ngora, bray sakabeh kalakuan anu goreng, anu matak nguciwakeun kolot! Rumasa lamun di titah ku si Ema teh sok ngarahuh! Beda “opini” jeung si bapa nepi ka mawa karep sorangan anu antukna mah jadi nyusahkeun awak sorangan jeung kolot. Ngadak-ngadak meja belajar teh ngomong, ngadak-ngadak si lomari teh balaka, baheula sok “uniko” alias usaha nipu kolot keur jaman kuliah! Teu pira pedah hayang ngilu kemping, jeung senang-senang we jeung barudak kampus mun sabada ujian negara beres. Silaing teh loba dosa baheula! Loba nguciwakeun kolot! Imah teh karasa tiiseun, sepi euweuh si Bapa jeung Si Ema. Cacakan misah nagara, loba dongeng ngeunaan jiarah ka Mekah teh, ras inget kajadian “tragedi Mina” sababaraha taun ka tukang. Inggis we inggis, ngarasa loba dosa ka kolot jeung asa can sampurna ieu teh menta hampura ka si Bapa jeung Si Ema. Lila-lila panon asa baseuh, cipanon teh deuk bahe… tikoro asa nyogok pinuh ku rumasa… Hampura Bapa, hampura Ema… geuning…. lamnn jauh mah karasa Kanyaah teh ngan asa teu bisa ngahontal da fisik jauh pisan mang ratus-ratus kilometer. Najan geus buntutan 2, masih keneh hayang nampaan kocoran kadeudeuh ti kolot teh!

Ceuk papatah bule mah sagalana jadi “berharga” lamun geus euweuh! Kitu meureun tarjamahan Sunda na. Ceuk kolot bahuela kieu, ditinggal ziarah ka Mekah teh, ibarat ditinggalkeun maot. Mitos ieu teh meni karasa kentel pisan cigana di tradisi mulsim sunda mah.

Add comment Desember 6, 2007

Munggah Haji….

 

Baheula keur jaman karek asup SD, ku guru ngaji diwurukan Rukun Islam, anu salah sahijina “Lima.. Munggah haji ka Baetulloh keur nu kawasa di jalanna”. Keur Muslim mah indit ka Mekah keur ibadah haji jadi cita-cita anu paling gede. Tiap taun anu rek ziarah ka Mekah pikeun Ibadah Haji teh ti Nagara urang mah beuki nambahan. Cacakan dina kahirupan sapopoe katingali biasa-biasa wae, benughar henteu, pakir ge henteu. Tah anu ngaranna masarakat tradisional jiga urang Sunda, mangsa-mangsa jiga Munggah haji teh jadi salah sahiji kaayaan anu istimewa.

Masarakat teh meni atoh jeung reueus lamun aya tatangga na, dulur atawa kulawarga na anu bisa jeun kawasa pikeun ngajalankeun ibadah ieu teh. Si calon haji teh mani dibageakeun, didu’akeun, dibekelan sarta dianteur ku sabonoroyot warga masarakat. Anu erek ibadah haji na mah ngan saurang atawa dua urang atawa hiji kulawarga, tapi kacida lobana anu erek ngateur ka tempat “embarkasi haji” teh. Ti mimiti orok, budak, budak kamari sore (ABG he.. he..), nepi ka nini nini jeung aki-aki ngilu ngaramekeun nganteru calon haji ieu. Samemehna anu boga kuriak duk naek haji teh ngayakeun syukuran di imah na, ari syukuran keur masarakat tradisonal mah ‘identik’ jeung dahar! Da…. ceramah jeung “ramah-tamah” na mah batan jadi bungbu we… lain poko acara! Anu penting mah acara dahar na, parasmanana.. hi… hi… Hiji deui pikeun masarakat anu hadir dieta hajatan teh, naritip dipangdu’a keun di tanah suci pikeun kamajuan sewang-sewangan, aya anu menta digampangkeun jodo, lancar usaha, hayang pinter jeung sajabana,loba tah anu naritip dipangdu’akeun teh!

Ciga na mah hiji-hiji na “momen” anu bisa ngelehkeun tradisi mudik lebaran teh nya nganteur calon haji anu erek indit ka mekah tea. Enyaan pisan ibadah haji mah keur anu kawasa di jalanna teh, sok we urang ilikan hiji-hiji, biaya ONH na, biaya keur salila manasik, biaya keur “oleh-oleh” keur dulur salembur, najan meulina di Cigondewah atawa di Pasar Baru he.. he…, waragad keur hajat syukur deuk naek haji,jeung teu kaliwat waragad keur ngayakeun pasilitas transpor keur anu deuk nganteurkeun… acan enge balikna pada marenta cai zam-zam. Wah pohara pisan! Najan mangrupakeun salah sahiji Rukun Islam, loba pisan ibadah sosial tina Ibadah Haji teh!

Bral geura miang Apa, Ambu sing salamet di perjalanan, sing salamet jeung sehat wal afiat salami di ditu, sing salamet mulih na deui,kempel deui ngabagi carios sareng pangalaman salami di Mekah. Ku sim kuring dirojong ku du’a anu euweuh akhirna.

Add comment November 16, 2007

Aheng!!!

Kiwari Urang Sunda anu ngomong jeung ngarti Basa Sunda bisa diitung ku ramo. Loba barudak pituin Sunda teu bisa Basa Sunda. Biasana maranehannanna leuwih resep make basa Batawi anu teu puguh alang ujurna. Disebut basa Batawi ge da lain deuih! Bahasa gaul ceunah! gaul tapi teu gaul jeung Sunda!

Teu saeutik oge kolot ngajarkeun ngomong ka barudak teu make basa Sunda malah leuwih loba anu make basa Malayu (Bahasa Indonesia). Aheng! jeung aneh atu da!

kumatak kitu kuring mah ngajarkeun ngomong ka budak teh Basa Sunda heula, da kaasup “Bahasa Ibu“. Pamadegan kuring mah najan Bahasa Indonesia teh Bahasa Nasional tapi leuwih luyu disebut bahasa sekunder lain Bahasa Ibu. Najan penting diajarkeun tapi leuwih penting ngajarkeun Basa Sunda ka budak ti mimiti. Bahasa indonesia mah bakal diajarkeun di sakola. Najan kitu ge Bahasa Indonesia anu dipake ka budak teh teu EYD deuih… ancur, Bahasa Indonesia lain, Basa Sunda teu asup. jadi naon tah?

1 comment Oktober 11, 2007

Previous Posts


Categories

  • Daftar Blog

  • Feeds